XtGem Forum catalog

Logo ciamis
PAMARENTAHAN DESA
GIRIMUKTI

Desa Girimukti ngarupikeun salah sawios desa di Kacamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis Propinsi Jawa Barat, kawilang desa anu anyar ngadeg, pamekaran ti Desa Bangunharja.
Sacara georafi Desa Girimukti mangrupa daerah pagunungan, anu lega wilayahna 807 Ha. Kawengku ku areal pertanian, perkebunan ( perkebunan rakyat & perkebunan PTPN VIII ), leuweung lindung ( tanah desa & Perum Perhutani) jeung paimahan.
Sabagian gede sumber kahirupan masyarakatna jadi patani atawa disektor tatanen sarta aya oge dibidang sanes saperti, pagawe nagara, wirausaha, karyawan, buruh jeung sajabana. Salain eta aya oge nu usaha ngumbara ka daerah sejen hususna ka kota.

Desa Girimukti kawengku ku 3 kampung, nyaeta ;

1. Kampung Sukaluyu,
Kawengku ku Blok Karang Anyar, Blok Batugajah, Blok Pandagan, Blok Cihawu sarta Blok Cihurung.
2. Kampung Pagambiran,
Kawengku ku Blok Pagambiran, Blok Rancagantel sarta Blok Petir.
3. Kampung Ciawitali,
Kawengku ku Blok Ciawitali, Blok Cijoho, Blok Ciwera sarta Blok Makam Tulang.


Wilayah Desa Girimukti ngawates jeung desa-desa nu sejen, nyaeta ;

1. Beulah Kaler ( Utara ) : Desa Bojonggedang,
2. Beulah Kulon ( Barat ) : Desa Tanjungjaya,
3. Beulah Kidul ( Selatan ) : Desa Wangunjaya,
4. Beulah Wetan ( Timur ) : Desa Bangunharja.



Potret Desa


TEPAS

BOEDAKGIRIMUKTI
©2010